Senin, 11 Februari 2013

pantun sunda Lucu

Colenak dikalapaan
Aya anak euweuh bapaan
    Salawe dua puluh lima
    Mobil Sedan Cetna Hejo
    Awewe jaman ayeuna
    Bisa dandan teu bisa ngejo
    Saninten buah saninten
    Dibawa ka parapatan
    Hapunten abdi hapunten
    Bilih aya kalepatan
    Pileuleuyan cangkang beas
    Huut sajeroning kejo
    Pileuleuyan urang ikhlas
    Imut sajeroning nenjo
Manuk gagak macok kupat
Kecok deui kecok deui
Diwedak reujeung disipat
Dekok deui dekok deui
    Cikaracak ninggang batu
    Laun laun jadi legok
    Tai cak cak kanu huntu
    Laun laun nya di lebok
    Jaka Sembung make bedak
    Teu nyambung dak
Aya roda na tanjakan
Katinggang ku pangpun jéngkol
Aya rangda gogoakan
Katinggang ku hulu kohkol
    Meuli daging ka ciawi
    Jalana ka singaparna
    Judang jeding ka salaki
    Teu di bere eusi calana
    Es keleneng gula batu salawean
    He’es jeung si eneng jam satu ….

1 komentar: